Rabu, 29 April 2009

keur hiji ngaran

PEUTING teh teuing ku simpe, jungjunan, peuting nu malidkeun panineungan tadi beurang. Kalangkang urang duaan, lalampahan urang duaan, jungjunan, kumayang deui dina ingetan! Basa urang ngambah tresna, basa mulang ti kota rek ka Bolenglang, basa nganteur salira mulang, ebreh nembongan. Harita langit sore bear marahmay, jomantra atra lenglang. Sang surya leuleuy sorotna, nyaksian urang nu ngalengkah paduduan di jalan satapak, jalan nu meuntasan pasawahan. Lengkah teh teuing ku anca, manjangkeun lalampahan, ngarah henteu gancang-gancang cacap. Da kitu mun hate kebek ku cinta mah, rasa kaancikan heabna sungkan papisah, dunya ulah hayang mituray, waktu kudu tunduk ka nu keur patuyun-tuyun. Ulah ganggu, teu kaci mun nyisikudi.
Harita, ah, aya ku endah salira meulitkeun asih kana ati, ku harewos nu haroshos. “Kang, cinta teh endah, nya? Lir sajak leubeut ku majas, lir langit taya tutugan, lir bentang baranang, lir kembang arum ambeuna. Cinta urang mugia manjang ka subaya rumah tangga!” Sora salira dina heabna napas, lir angin nu rintih, tintrim, niiskeun batin. Harewos salira sumarambah kana bayah, matak tigin dina asih, palias rek jalir jangji. Mugia niat salira, hayang cacap ka rumah tangga, masing kateda Ku Nu Kawasa.
Lengkah ngarandeg di hiji mumunggang peuntaseun sawah. Urang calik sisi gawir, paduduaan, reureuh sakedapan, nyawang sawah ti mumunggang. Salira muragkeun mastaka dina taktak Engkang nu oyag ku hegak. Kembang eurih warna kapas katebak angina sore, ngalengleong kakalayangan, terus eunteup dina rambut mayang salira. Ku Engkang diusap dina hengak tresna nu jembar. Jaga eta rambut teh bakal leubeut ku malati. Kembang papaes di tamansari para dewi, kembang lambang kasucian para dayang, malati silib sajatining asih, dironce sina meulit dina sanggul salira. Ah, jungjunan, asa nyeblak nyawangna. Malati lambang kasucian asih bakal meulit dina korsi jatukrami, silib asih yen urang jadi rarabi, asih nu sumanding masing seungit siga malati, palias laas ku mangsa, paralun kapurba ku jaman. Ah, asa hayang geura tepang jeung jaga, tepangna cinta dina ijab kabul ngarapalan.
Jungjunan, teuteup salira harita neuteup na amparan sawah. Cek salira, lalampahan cinta dina amparan rumah tangga lir patani nu miloma sawah, lir patani dalit jeung Nyi Pohacina. Temen wekel ngolahna, tulaten miara parena, nyinglar hamana, ngagemuk nu dipelakna, nyieuhkeun manuk nu ngahelaranana, bari teu petot ngalirkeun cai kana kotakanana, tangtu bakal kapetik hasilna kaala buahna. Mugia sing kitu, jungjunan. Acining Pohaci aya di salira, Engkang mah kadar nu miarana, nu ngagemukna, nu ngajagana, nu nyeboranana. Engkang patanina, salira Nyi Pohacina. Silih titipkeun asih, silih talingakeun rasa, malah mandar buahna kaala, rasana kateda ku urang duaan.
Nyawang langit ku rasa cinta, jungjunan, estuning teu karasa. Urang uplek silih teuleuman rasa, urang ngencarkeun katresna, kokojayan dina ulekan kanyaah. Ari wayah teu dipirosea, terang-terang sang surya ngalayang murag ka jurang sareupna. Terang-terang layung geus hurung. Mancur lir emas sinangling, lir teja gumilang. Eta sumirat layung, jungjunan lir cinta urang duaan, hurung mancur ngahibaran sukmaning asih!
Harita tonggeret ngageuing lilir, nitah urang mulang ka sarakan. Memang urang kudu mulang, kudu mungkas carita tresna poe eta. Padahal duriat masih ngawang-ngawang, asa lewang mun paturay, najan paturay saheulaanan. Jungjunan, urang ulah kamalinaan, bisi aya sandekala, da cenah, sareupna sok ulayaban. Bisi ngancik dina sukma urang duaan, temahna matak cilaka. Kapan cinta mah ngan semet subaya, semet paantel rasa. Ulah liwat ti eta.
Ah, jungjunan, ngalayang deui dina ciptaan tadi beurang urang duaan, di kota sukan-sukan, ngebrehkeun cinta dina poe cinta. Najan, cenah, eta carita budaya wetan, tapi da bongan urang keur silih cinta, eta mangsa ditarima, najan teu hayang sagalana ngiblat. Lantaran sajatining cinta mah silih jaga. Ari cinta sajati nyaeta nu teu silih hinis. Cinta urang mah aya dina kalangkang kaimanan, jungjunan. Cinta asih sina suci, sina jadi cai talaga nu ngemplang herang. Jaga oge urang nu boga, sagalana jang urang duaan! Ngarah cinta jadi bukti, teu jalir kana jangji, tetep tigin dina suci.
Lengkah urang duaan na jalan satapak, dianteur ku haleuang cinta. Aya tembang, aya asmarandana, aya kawih nu ngusapan rasa. Harita hawar-hawar dina hate Engkang, aya tembang nu kacinda endahna, tembang nu palias sumbang. Haleuang endah, nu baheula sok di haleuangkeun di sakola. Lagu Layung Gandrung, rumpakana endah kacida, yasana Bakang Abubakar.
………
Sariak layung, halodo ka sorenakeun
kuring ngebrehkeun kahayang,
kayang nu lain-lain,
hayang gaduh jangjang cara walik,
ngarah bisa ngapung ngawang-ngawang,
ngambah mega ngalalakon
…….
Enya, nya, jungjunan… mun urang boga jangjang, meureun hiber paduduaan. Di langit nu paul urang patarema cinta, maheutkeun subaya. Subaya cinta pikeun ngajugjugan alak rumah tangga.
Ah, jungjunan, dina wengi ieu Engkang ngaherang, mapaykeun deui panineungan tadi beurang. Beurang nu seungit ku kembang tresna, beurang nu cangra ku sumiratna cinta. Keun wae picisan oge, keun wae sentimental oge, da batur mah moal ngarasa siga kumaha rasa urang harita.
Jungjunan, sing tibra, sugan sukma kumayang, ngalalakon dina impian asih, hiji adegan cinta urang duan. Da Engkang mah asa gulinggasahan, jungjunan! Emut wae ka salira. Salira bet kapiraray bae.

Peun, ah, diary, geuning wanci geus janari.

Kang acun

Rabu, 18 Maret 2009

Sajak Sunda Sangkan Lana Dijagat Maya

taun nu muguran tina tangkal jaman

waktu meletek, tauntaun muguran tina tangkal jaman
sedeng kuring linglung teu nyaho jalan balik
anjeun anteung ngimpleng mangsa katukang
ngitung rebuan harepan dina dada peuting

na dimana jarum jam eureunna?
eweuh nu nyaho. eweuh nu paduli
kabeh lumpat muru panon poe anu surup dina
mumunggang abad. kabeh muru impian nu diteundeun
dina lalangit harepan

isuk jaganing geto, urang jeung anjeun
bakal silih teangan. neang cimata nu dipahapekeun
dina ramoramo kasusah, dina ratusan samagaha

tempo ka kulon,
tauntaun muguran tina tangkal jaman.




peuting jempling
mawa katineung manteng
ka anjeun

poek mongkleng
hawa tiis manjur girimis
ngumbah remis

hiji mangsa
urang bakal kapaksa
silih balaka

hampura
ngaran anjeun masih aya
nyangkaruk dina jero rasa



ahirna urang kudu balik oge, mulangkeun deui katineung
ka sagara ambahan anu ngemploh ku carita katukang
mangsa hate kebek ku kaheman jeung katugenah
ngahiji dina dapuran hate nu pinuh ku euriheurih kasedih

ahirna urang kudu balik oge
nepungan anjeun bari mawa rebuan carita
ahirna urang mulang ka sarakan.


mamah

ema,
peuting kamari kuring ngimpi panggih aki jeung nini
padahal asa geus lila maranehna ninggalkeun urang
tapi dina impian, asa cikeneh maranehna mapatahan
sorana masih ngagalindeng dina gegendang
matak nyecep kana ati, patri kana jajantung

ema,
ieu kuring di lembur batur...
ngajerit menta tulung, menta hampura
bongan saha bedegong, mawa karep sorangan..
poho kana temah wadi. rasa diri wani tur sanggup
asa aing uyah kidul...

ema,
peuting ieu kuring teu walakaya
nandangan kaheman nu teu manggih obatna
iwal neuteup anjeun ku dua panon
ninggali cimata anjeun ngalembereh..

ema,
peuting ieu kuring nyegruk
teuing kumaha, anjeun ngolebat dina kongkolak
nyerangkeun bari teu elat zikir
kuring pasrah.. meureun ayeuna anak anjeun
sumerah kana pati nandangan kaheman dina jero ati.



hujan, cimata, jeung samagaha

hujan peuting ieu mawa gelap jeung burinyayna
nakolan rasa ku gundam jeung samagaha

di dieu, kuring ngukur cimata make lambaran lambaran kertas
pulpen meh beak, tapi cimata masih menta nuliskeun kaperihna

beu geuning cimata teh teu daek suda
kualatan naon atuh kasedih nyimeuhan carita

anjeun masih keneh nyukcruk jalan pileumpangan, nyorangan
ngemu kahariwang
mapay kasieun

bongan saha kudu nyukcruk kahariwang
na kamana leungeun jang muntang ka imutna pangeran

eweuh sasaha
ukur kuring jeung cimata
ukur anjeun jeung kahariwang

ah, padahal kica-kica masih daek ngiceupkeun cayana
ngabejaan kamana suku kudu leumpang
kawerat naon atuh nu ngaweuhkeun hate

masing masing urang, pada pada boga jalan
hiji waktu, urang jeung anjeun paamprok dina hiji pengkolan
urang jeung anjeun silih titenan kanyeri sewang-sewangan
silih rampa rasa

di masigit leutik di hate urang masing-masing
aya mihrab jeung mizan
di dinya urang bakal istirah
ngarampa dua
ngarampa doja
ngarampa dosa
bari ngitungan sabaraha warsa nu geus kasucikeun tina pepedut jeung samagaha rasa

anjeun moal ngarti

rebuan kecap ngamalir kana panto hate anjeun
anjeun tangtu ngan saukur seuri bangun cangcaya
enya, kuring jeung anjeun ukur bisa silih gero dina
kalimahkalimah pondok tanpa bisa amprok

tapi rampa ku anjeun seahna hate kuring
nu marengan guligahna rasa
gumuruhna ombak dina jero dada geus jadi tanda
yen ngaran anjeun lain ngan saukur ngaran biasa
nu bisa leungit ku cai hujan sapoe
lain. ngaran anjeun marengan lengkahna hate
didieu, dina tatapakan kuring nu beuki lila beuki jauh
nu beuki lila, beuki rea rungrang

anjeun moal ngarti kana eusi hate wanoja
moal, kasep.

Kamis, 19 Februari 2009

Parakanca Antassalam (wargi OIM)

Ririungan urang karumpul.....
meungpeung deukeut hayuu urang sosonoan .....

Sikasep sarimbit

kang acun sarimbit.mamah,bapa,raka,rayi,kapi adi .
kapi lanceuk,alo...dan..buruan imah

touring 2


Gambar aneh


Lia refani & bill clinton


Didieu katingal bill ngaraos reueus ningal
deudeugan kang acun anu sakitu sembada andgagahna  ditembongkeun ka lia refani
ngan orokaya lia refani cu ex ..acuh ..pokonamah teu diwaro...ceuk urang india mah hare hare....hi hi

Rabu, 18 Februari 2009

Potret diri






SAJAK Langit Subang

Dilangit subang layung keur mayung basa awaking mulang ka bandung

Teuteup ka deudeuh ngundeur katineung gupay jeung imut nu ngajajapkeun.

2X (NL) Datang ka bandung dipapag beja, cenah salira kenging nugraha

dileler janten diah permata pitaloka.

Kasono waktos paamprok beuki pageuh dianteur kareueus,

ratu galuh nukapungkur purbasari nu bihari pan ayeuna salira buktosna,

ratu ayu bentang mimitran ratu kalbu diri akang.

Asa cikeneh urang tepang teu karaos geulis mimitran manjing lekasan

mun panon poe geus lingsir ninggalkeun tapak kaliwat mulas katineung

na hate nu lawas nerap ngagurat.

(P) Mun panon poe geus lingsir, ninggalkeun tapak kaliwat

Mulas katineung na hate, isukan moal tandang,

da mimitran geus lekasan Nyukup waktu dua minggu

duh nyumponan papagon damas.

(L) Tipeuting sok teu geunah teuing, tibeurang pinuh kawaas

Sedih lucu geus kalakon, ngareka minuhan rasa Nu langgeng

nerap ngagurat ngeusian tulisan hirup duh…..

Na lampah mimitran damas.

(NL) Basa mimitran lekasan geulis urang tepang na wengian pangistrenan,

kabaya pulas bulao langit nu dianggo kusalira,

kasmaran teu daek leungit na rasa akang harita.

Maling teuteup bulan tumanggay nu tingtrim na damis eulis,

duh. Geulis teuing pupujaning ati. Basa ramo urang patarema

akang ngedalkeun ucap pangbage

a, “wilujeng sumping di damas”. Bari hate mah cumarita urang sareng geulis ngundeur tineung.

Harita salira imut ratug jajantung kapentang jamparing asih.

Degung ngungkung luhur panggung wirahma hegar mapag salira,

dina lolongkrang haleuang tembang hate urang nyarita sewang-sewangan,

mimitran nu geus lekasan urang sambung ku lalakon cinta urang…

(LP) Kleung angkleung sagara ombak-ombakan ...

Keueung nineung sangsara ge babarengan ...

Kleung angkleung sagara ombak-ombakan

Teneung ludeung sangsara ge babarengan

(diulang*) (NL) Cag, teundeun di handeuleum hieum tunda dihanjuang siang

ingkeun teundeun sampeur tineung palias rek ka tampian.

(*) Pamungkas bisi aya nukasebit najan teu kasebat

mugi agung cukup lumur mugia jembar pangampura.

Ieu carita rekaan biheung jeng boa,

najan boa deukeut kana enya. Bentang ngiceupan dilangit kamelang,

bulan ngempray di langit mimitran, salempay kawaas nyampai di damas._________________-SUNDA MAKALANGAN-

Saung Digital


Selasa, 17 Februari 2009

Sikasep keur leutik


masa kecil masa yang paling bahagia
terlihat difoto ini si kasep memakai baju merah belang....

Senin, 16 Februari 2009

Touring 2004


Lumayan lah sok sanaos
motorna kenggeng nambut ti
rerencangan rada gaya sakedik.....
he he he

Riwayat hidup

Saya lahir disebuah dusun yang ada dikota bandung dusun itu bernama “ WARUNG JAMBU”
34 tahun yang lalu. Dari seorang ibu bernama E.KARMINI dan seorang bapak bernama
T.KOSMANA tak ada keanehan ketika saya lahir ke dunia ini semua berjalan dengan normal
Saya mempunyai 4 saudara 1 laki-laki 3 perempuan tidak usah disebut satu persatu karena
Akan sangat menghabiskan waktu.
Saya sengaja membikin blog ini didesak dengan rasa keingin tahuan saya terhadap dunia maya (internet)
Mudah-mudahan dengan adanya blog pribadi ini,saya dapat menambah wawasan saya tentang internet
Sebenarnya masih banyak yang ingin saya sampaikan disini ,tapi ….saya bingung apalagi yang harus saya
Tulis….wassalam

http://kangacun.blogspot.com
DINGWALLS STUDIO BANDUNG

Kamis, 12 Februari 2009

Sajak sajak


Nu taat
Umat taat
Imanna kuat
Tumut nasehat
Cekel amanat
Tara khianat
Yakinkeun syhadat
Nanjeurkeun sholat
Puasa tamat
Mere zakat
Ka haji mangkat
Pamadegan tepat
Awak sehat
Bathin wal afiat
Elmuna manfaat
Boga bakat
Gawe giat
Pagaweanna maslahat
Rezeki ningkat
Tutulung rikat
Ka sasama hormat
Tara ngumpat
Tara maksiat
Alam dirawat
Masyarakat kabengbat
Luhur martabat
Loba sobat
Mindeng tirakat
Salawasna tobat
Meunang rahmat
Dunya nikmat
Sugema akherat

Nu sesat
Teu taat
Imanna gawat
Ngawada nasehat
Ingkar amanat
Mindeng khianat
Batur diumpat
Tutulung liat
Pagaweana mudarat
Hese nyobat
Handap martabat
Hirup sesat
Resep maksiat
Tacan tobat
Nyawa paragat
Paeh kawalat
Sangsara di akherat
Nu sakarat

Rahayat malarat
Gering ngajejepat
Nyadang panyawat
Teu diobat
Hayang dirawat
Di rumah sakit pusat
Disentak perawat
Teu ditebus obat
Tambah gawat
Antukna sakarat
Nu dihormat-hormat
Saurang pejabat
Nolak nasehat
Khianat amanat
Nipu rahayat
Lobakeun sobat
Ngingu advokat
Miara jimat
Nyieun siasat
Naek pangkat
Pada ngahormat
Fasilitas nikmat
Anggaran diembat
Subsidi disumbat
Sumbangan disunat
Resep maksiat
Pinter bangsat
!Rahayat malarat
Rahayat ngadat
Pada ngahujat
Mahasiswa nguliat
Daremo disikat
Eling pejabat!
Jabatan amanat
Apes dipecat
Tacan tobat
Kaburu wafat
Bising kawalat
Jaga di akherat



Dicopy ku acun

Rampak :Cacandran para luluhurciri bumi dayeuh pancatengahciri dayeuh pancatengahlemah duwurna, lebak lengkobnatanah padatarananaNagara wibawa muktiperlambangna congkrang kujang papasanganYasana para Dewatateu sulaya dinyatanaPasundan tanahna suburgemah ripah ma`mur loh jinawigemah ripah loh jinawigunung gunungna, cur cor cainamakplak pasawahananasubur sugih pangebonnakaraharjan mencar mawur kajauhnanagri nanjung panjang punjungmurah sandang murah panganSunda surup kana tangtungsunda sieup ninggang kana wandasieu ninggang kana wandaadeg adegna, budi basanateu nandakeun wawanennasomeah narima semahmatak betah anu ngadon bubuarataraebreh pangartinateu nembongkeun kabisanawassalam,Ayub


Ditulis ku acun

kumaha jadina

geura sadar yen sagetih
piraku silih pergasa ulah salah paham bae
urang teh saperjuangan ngabela kamerdekaan
geura mulang atuh dulur karunya nutanpa dosa
naha heunteu bisa balik ka tekad ka tukang
babarengan nyeuseuh hate meresihan diri jeung rasa
ulah tetep dina sasar ngajurung napsu ngaberung
ulah sasab teterusan



User Rating: / 0
Ditulis ku Acun
iasana Bapa Bakang Abubakar
kumaha jadina,
lamun hate tetep hayang kumaha jadina, lamun itu tetep ngambang
kumaha jadina, lamun hate tetep asih hese dirangkong kolong
hese dipikahayangna kumaha jadina, mun hate terus ngagolak
kumaha jadina lamun itu tetep nolak boro abdi luluasan lali rabi
tegang pati panyana sanes ngadoja hanas abdi gering pikir
kumaha jadina lamun hayang teu laksana kumaha jadina lamun sorangan
nu embung meureun jadi kacapangan cau ambon dikorangan
kumaha jadina mun abdi bogoh nogencang kumaha jadina, mun itu tetep ngabangkang
meureun jadi tungtung caturj adi guyur salelembur
abdi teu dipirosea salamina nandang lara

Rumingkang

Iasana Mang Engkos
sakiceup teuteup kadeudeuh asih taya nu dipambrih
najan anggang tong hariwanganjeun mah teu kudu melanghayang tepung timemeh jungbongan hate kapidangdungngarakacak lir ngoceak duhnajan kuring keur tunggaraanjeun tong milu nalangsa, milu nalangsaseahna caah lamunanheubeul ngangkleung na aweuhansaukur teuteup kadeudeuhhandeueul kakeureut tineunglalangse liwung lalewangkumelendang kumalayangsungkan mangsa rek paangganganggangna tina teuteupanhadena can kungsi tepung duhkuring sering sedih kinkinnanging tetap mikaeling, mikaelingpanglipur jangji pasinigumati rek bela pati

Anggrek japati

anggrek japati na cangkring keur karembangan
sisi wahangan barodas kareta api geus datang sinyar geus muka
reg distoplas cibodas gupay-gupay anaking gupay-gupay digupaykeun kumanehna
reumbay-reumbay anaking reumbayna nginjeum cipanon ti manehna

Talaga remis
Dikawihkeun ku Ceu Nining Meidata
laga reumis talaga nu jadi saksiwaktos urang paheut janjipasini pakait atipasimpay rasa satiaduh bagja saksina talaga reumistalaga reumis talaga endah romantistempat urang ngumbar asihnamplokeun rasa kasononyacapkeun rasa katresnaduh endah disisi talaga reumisdisisi talaga reumiscinta mekar karembangandisisi talaga reumiscarita pinuh mamanisdisisi talaga reumisasih nyanding kabagjaandisisi talaga reumisnyipta rasa nuromantisurang anteng... paduduanmancing rasa... asih kahemanpusuerna... useup kageugeutgupayna... geleng kadeudeuhngango jeujeur.... panghareupanngantos geuterna kukumbul kalbusurser rasa kasambut cintapinangih bagja ditalagaurang anteng... paduduaanngahaleuang... tembang kasmaranngahariring...ririh kahemanngagalindeng..lagam katineunglirih asih... pamatri atitembang tresna panyimpay rasalagu shadu mepende kalbungahudang cinta ditalagatalaga reumistalaga nujadi saksiwaktos urang paheut janjipasini pakait atipasimpay rasa satiaduh bagja saksina talaga reumis

girimis kasorenakeun

girimis kasorenakeun
ngeunteungan sewu katineung
katumbiri payung langit awor jeung cipanon ngembeng
awor jeung cipanon ngembeng
ngalangkang galeuh lamunan
ngaliwung kalbu nuliwungnaon deui nurek didagoan...duuuuh
kabeh geus mungkas adegan geus tamat lalakon, leungiteun udagan
mungkas mangsa pikeun muja jeung dipuja

Salam manis

iasana Mang Koko
ieu...salam....manis manis...salam kuringnya
ieu pisan nusalawasna
nyandingnyaring...ngahariringieu...salam...manismanis...salam
kuringnya ieu pisan nusalilana ngantenganteng...
kapitineung datangkeun kuring deukeut keun
deukeutkeun kuring rakeutkeun, duh dunungan
datangkeun kuring deukeutkeundeukeutkeun kuring rakeutkeun

Asih nu leungit

lagu/rumpaka : Mang Engkos
Moal arek baha sagala rupi dodojanu bakal disanghareupanmoal arek ngaraheutansanajan kuring geus raheutbalilihan eta mah banda manusamega rumeuk ngahalangan cahya bulanmoal lesot kawasna tina teuteupanda bongan na hate teh geus katalianngateng lir sutra dewanggangan panyipta kagagas ampir rek musnanu ngancik na panineunganMemeh layung hurung balebat nu kungsi datangmega kayas katambiaspanutan nu dipitineunghanjakal pegat harepanmawar ligar muguran samemeh mangsapeurih sedih nandangan tunggara baengagalindeng baluweng ku pitumbaleunmikameumeut susuganan dipitineungasih kuring nu meh leungitmoal laas sanajan dugi ka patikeueung taya puntanganeun.

Bulan langlayangan peuting
Bulan teh langlayangan peuting enungnu ditatar dipulut ku tali gaibentong salempang mun kuring miangditatar titatar sundadipulut nya balik deui ka dieuieuh masing percayarampak :bedil geus dipelorangranat geus disorendangieu kuring arek miangjeung pasukan Siliwangika Jogja hijrahtaat parentah

Hamdan
Di damel ku Mang Koko sarengRAF (Rahmatullah Ading Afandi)Hamdan birobbil alaminAllahu rohman warrohimqod koruba fathul mubininnahu huas samiu`n alimpuji kagungan pangeranNu Maha Welas tur hemanGusti mangka buka pura bagjaAllohu ya Robbi, manten-Na Maha uningaref :Solawat solawatanbarokat, barokatanala Muhammad Rosulihwa ala alih wasohbihsalam sinareng solawatmuga netes ka Muhammadnatrat ka para karabatpara ahli jeung sohabat

Rampak :Cacandran para luluhurciri bumi dayeuh pancatengahciri dayeuh pancatengahlemah duwurna, lebak lengkobnatanah padatarananaNagara wibawa muktiperlambangna congkrang kujang papasanganYasana para Dewatateu sulaya dinyatanaPasundan tanahna suburgemah ripah ma`mur loh jinawigemah ripah loh jinawigunung gunungna, cur cor cainamakplak pasawahananasubur sugih pangebonnakaraharjan mencar mawur kajauhnanagri nanjung panjang punjungmurah sandang murah panganSunda surup kana tangtungsunda sieup ninggang kana wandasieu ninggang kana wandaadeg adegna, budi basanateu nandakeun wawanennasomeah narima semahmatak betah anu ngadon bubuarataraebreh pangartinateu nembongkeun kabisana


Nepang keun abdi

Foto saya
Bandung, jawa barat, Indonesia
ngahaja ngadamel ieu blog supaya budaya sunda lana di dunya maya sareng ahh..hayang kapuji weh ku batur...he he he

HATUR NUHUN TOS RURUMPAHEUN KA BLOG SIMKURING

Mumule basa jeung budaya sunda