Rabu, 18 Februari 2009

SAJAK Langit Subang

Dilangit subang layung keur mayung basa awaking mulang ka bandung

Teuteup ka deudeuh ngundeur katineung gupay jeung imut nu ngajajapkeun.

2X (NL) Datang ka bandung dipapag beja, cenah salira kenging nugraha

dileler janten diah permata pitaloka.

Kasono waktos paamprok beuki pageuh dianteur kareueus,

ratu galuh nukapungkur purbasari nu bihari pan ayeuna salira buktosna,

ratu ayu bentang mimitran ratu kalbu diri akang.

Asa cikeneh urang tepang teu karaos geulis mimitran manjing lekasan

mun panon poe geus lingsir ninggalkeun tapak kaliwat mulas katineung

na hate nu lawas nerap ngagurat.

(P) Mun panon poe geus lingsir, ninggalkeun tapak kaliwat

Mulas katineung na hate, isukan moal tandang,

da mimitran geus lekasan Nyukup waktu dua minggu

duh nyumponan papagon damas.

(L) Tipeuting sok teu geunah teuing, tibeurang pinuh kawaas

Sedih lucu geus kalakon, ngareka minuhan rasa Nu langgeng

nerap ngagurat ngeusian tulisan hirup duh…..

Na lampah mimitran damas.

(NL) Basa mimitran lekasan geulis urang tepang na wengian pangistrenan,

kabaya pulas bulao langit nu dianggo kusalira,

kasmaran teu daek leungit na rasa akang harita.

Maling teuteup bulan tumanggay nu tingtrim na damis eulis,

duh. Geulis teuing pupujaning ati. Basa ramo urang patarema

akang ngedalkeun ucap pangbage

a, “wilujeng sumping di damas”. Bari hate mah cumarita urang sareng geulis ngundeur tineung.

Harita salira imut ratug jajantung kapentang jamparing asih.

Degung ngungkung luhur panggung wirahma hegar mapag salira,

dina lolongkrang haleuang tembang hate urang nyarita sewang-sewangan,

mimitran nu geus lekasan urang sambung ku lalakon cinta urang…

(LP) Kleung angkleung sagara ombak-ombakan ...

Keueung nineung sangsara ge babarengan ...

Kleung angkleung sagara ombak-ombakan

Teneung ludeung sangsara ge babarengan

(diulang*) (NL) Cag, teundeun di handeuleum hieum tunda dihanjuang siang

ingkeun teundeun sampeur tineung palias rek ka tampian.

(*) Pamungkas bisi aya nukasebit najan teu kasebat

mugi agung cukup lumur mugia jembar pangampura.

Ieu carita rekaan biheung jeng boa,

najan boa deukeut kana enya. Bentang ngiceupan dilangit kamelang,

bulan ngempray di langit mimitran, salempay kawaas nyampai di damas._________________-SUNDA MAKALANGAN-

Tidak ada komentar:

Nepang keun abdi

Foto saya
Bandung, jawa barat, Indonesia
ngahaja ngadamel ieu blog supaya budaya sunda lana di dunya maya sareng ahh..hayang kapuji weh ku batur...he he he

HATUR NUHUN TOS RURUMPAHEUN KA BLOG SIMKURING

Mumule basa jeung budaya sunda